Thursday, April 24, 2014

~ EMUT KA ABAH ~

Ari diri keur nyorang
pikiran sok ngawang-ngawang
hate hariwang
paanggang
lamun emutan beurat
kadang sok hayang ngadat kapeurih ngagedat
ngolebat
kasuat-suat
aya anggang dina raga…
katresna dina dada
kingkin dina jiwakamana kudu diteang?
na kamana kuring kudu datang?
anjeunna geus miang
raga jadi anggang
tapi
tapi ati tetep raket hate deukeut
geugeut
meumeut
lain waktuna kesel
geus lain usumna sebel
ngado’amenta kanu maha kawasa
mapalerkeun jiwa
nenangkeun raga
matak tiis dina dada
yakin da Gusti mah moal mirosea
mikanyaah balareakaasup anjeunna nu aya di
alam
baka
tangtu rahmatna bakal dibuka
amin…
~Gusti nu Maha Asih..titip pun bapa
digigireun Anjeun~

No comments:

Post a Comment

Melagkah pasti